KEMBANG PAPASTEN (Bag 5 : Carita Panungtungan)
Oktober 2011 Tanggal 8 Oktober kuring jangjian jeung manéhna ka acara walimatunnikah na Teh Ceuceu Ika Nur Sawitri Drwskincare. Kira-kira jam salapanan kuring geus nepi ka Jebrod, tuluy nungguan manéhna hareupeun Selamat Toserba nu leutik, harita mah can aya Selamat nu badag siga ayeuna. Selang 20 menit manéna norojol ti arah ka Bandung, ti kajauhan geus séséréngéhan, reg motorna eureun hareupeun kuring. " Badé kamana Néng? Hayu ngojég ka Aa." Manéhna ngaheureuyan kawas biasa. " Kondangan A, hayu atuh!" Kuring ngéngéh bari clak naék kana motorna. Teu loba nu diomongkeun salila di jalan, duanana Anteng jeung pikiran na masing-masing. Kira-kira jam Sawelasan nepi ka tujuan, sanggeus ramah tamah jung difoto bareng pangantén tuluy manéhna nganteurkeun kuring mulang deui ka kidul. " Sayang mau kemana? Mau makan apa? Mau ngapain? Sok ku K dianterin. Today is special day for you." Ceuk manéhna. "Enggak ahh, mau pulang aja bisi kemaleman..eh tapi mau popot...