KEMBANG PAPASTEN (Bag 3)
Mei 2011
Tisaprak peuting harita manéhna munggaran nelepon, tidinya teteleponan jadi rutinitas nu tara kaliwat unggal peuting. Biasa réngsé maghrib sok silih dengekeun ngaji nepi ka isya, isya nyelang heula solat jeung méréskeun pagawéan masing-masing. Sabenerna euweuh kedal ucap némbak ceuk budak jaman ayeuna mah, ngan kulantaran masing-masing ngarasa cocog tur nyambung dina sagala rupa boh dina obrolan boh dina karesep nu ahirna leuwih ngadeukeutkeun urang duaan.
Bulan Mei kira-kira tanggal 20 manéhna ngedalkeun kahayangna manggihan kuring di imah, sanggeus meunang idin ti nu jadi bapa kuring ngidinan ogé manéhna ka imah, harita poé saptu tengah poé kuring nungguan di téras masjid Alun-alun Kadupandak, manéhna munggaran pisan datang ka Kadupandak jauh-jauh ti Cidaun. Keur geunah-genah ngalamun reg aya motor eureun, kuring ngarengkog bari neuteup lalaki nu turun tina motor hareupeun kuring, belenyéh manéhna seuri.
"Assalamualaikum.. Neng ya.." Pokna bari teu eureun imut. Seungit parfum Ralph Lauren Romance nyeleber kaambeu.
"Waalaikumsalam..K?" Bari jung nangtung tuluy salam. Kuring tanggah ningali manéhna dedegan na jangkung badag, pakulitan na hideung santen, panon na sipit lamun seuri sok peureum, nganggo tasma ceunah mah silindris. Kuring ukur sadada na, manehna neutep antéb bari teu weléh imut, "Makasih ya.." Pokna
"Buat apa?" Kuring ngabalieur "Yuk pulang ketemu Mbak sama Papah." Ceuk kuring ngajak indit.
Nepi ka imah manéhna langsung akrab jeung kulawarga kuring, teu namu disuguhan nanaon teu weléh segut matak bungah nu dianjangan. Dur magrib solat babarengan, tuluy ngaji nepi ka isya. Manéhna nyarita hayang pisan nanyaan ku Surat Ar-Rahman matak unggal poe ngadereleng maca surat éta pajarkeun teh itung-itung diajar.
Rengse solat isya tuluy diuk paduduan di hareupeun imah, neuteup langit jomantara atra lenglang, bentang baranag patingkaretit ngiceupan, angin leutik ngapungkeun lamunan sewang-sewangan.
" Eh..K punya sesuatu buat Sayang..bentar" Ceuk manehna baro ngaléos ka kamar, teu lila torojol mawa bungkusan tuluy diasongkeun. "Apa?" Kuring kerung
"Buka aja, buat Sayang." Ceuk manéhna bari seuri.
Bungkusan ditampanan tuluy dibuka horeng kerudung Rabbani warna ungu, kuring kéom bari neuteup manéhna "Naha ngasih hadiah da ulang tahun nya juga masih lama" Ceuk kuring bati semu atoh.
"Gak apa-apa atuh, masa K kesini gak bawa apa-apa atuh isin" Tembalna bari meureudeuy.
" Eh K punya lagu lagi buat Sayang." Pok na deui bari ngedesel ngaluarkeun HP tina saku na tuluy muterkeun lagu "Nantikanku di Batas Waktu"na Edcoustic, harita teu kapikir kunaon manéhna méré lagu éta. Horeng..eta teh kila-kila.
Manéhna tuluy ngahaleuang, sora na halimpu akur jeung watek na nu leuleuy, leuleus, jeung sabar. Kuring sasakali mairan milu ngahaleuang bari silih teuteup. Teu karasa peuting beuki simpé, bulan moncorong nyaksian dua manusa nu silih pikadeudeuh, teu bisa dicaritakeun jeung digambarkeun bungahna kuring harita.
"Dikedalaman hatiku tersembunyi harapan yang suci
Tak perlu engkau menyangsikan
Lewat kesalihanmu yang terukir menghiasi dirimu
Tak perlu dengan kata-kata
Sungguh walau kukelu tuk mengungkapkan perasaanku
Namun penantianmu pada diriku jangan salahkan
Kalau memang kau pilihkan aku
Tunggu sampai aku datang nanti
Kubawa kau pergi kesyurga abadi
Kini belumlah saatnya aku membalas cintamu
Nantikanku dibatas waktu."
Isukna, manéhna kudu balik deui ka Cidaun, kuring nangtung hareupeun manéhna, asa beurat rék ditinggalkeun téh. K pulang dulu." Pok na. Kuring unggeuk " Jangan sedih gitu..!" Pok na deui bari ngusapan pipi. Kuring ukur unggeuk teu lemék teu nyarék, manéhna nyokot leungeun tuluy dicekel pageuh " Udah ahh jangan sedih gitu gimana K bisa pulang?!". Kuring nyéréngéh " Ya..udah.." Ceuk kuring ngéléhan.
" Ya udah..Assalamualaikum.." Pok na bari tuluy ngageuleuyeung indit nonggalkeun kuring nu masih ngajanteng ningali manéhna nepika leungit di péngkolan, teu lila manéhna ngirim SMS siga na ngahaja eureun heula.
"Sayang makasih ya, ada sesuatu buat Sayang K taruh di lemari." Kitu eusi SMS manéhna. Kuring buru-buru ngariksakeun ka kamar horeng aya surat salambar, Habbatussauda sabotol jeung parfum sabotol.
"Sayang ini surat pertama K, makasih buat semuanya buat keluarga Sayang yang udah nerima K dengan baik, K tinggalin Habbatussauda soalnya Sayang sering kecapean. Thank you for everything My lovely Sunshine." Kitu eusi suratna, kuring ngaheruk na tungtung kasur, bagja masih kénéh aya nu nyaaheun ka kuring siga kitu.
Cag heula..
Comments
Post a Comment