Posts

JUALAN DI BLIBLI BIKIN HEPI

Image
Ngajomantara Cell Haiii Bestieee...masih semangat puasanya????   Aku mau cerita nih Bestie pengalamanku menjadi Blibli seller di Blibli.com, kuyyy ahhh disimak yess.... Bestieee....Sudah hampir 3 tahun pandemi Covid-19 melanda dunia termasuk negara kita Indonesia, kehadirannya membawa banyak perubahan tatanan kehidupan terutama dalam hal interaksi sosial kita yang dibatasi. Dalam kondisi tersebut kita harus tetap berusaha bagaimana caranya agar kehidupan tetap berjalan, aktivitas sehari-hari seperti bekerja dan sekolah pun harus tetap dilakukan, maka timbullah istilah WFH (work from home) dan SFH (school from home) dimana kegiatan bekerja dan sekolah dilakukan dari rumah.   Situasi ini tentunya mempunyai dampak yang ditimbulkan baik positif maupun negatif, salah satu dampak positifnya adalah semakin berkembangnya teknologi digital untuk mendukung aktivitas sosial kita sehari-hari, dimana dalam kondisi pembatasan sosial ini kita harus tetap terhubung satu sama lain.  Inter...

KEMBANG PAPASTEN (Bag 5 : Carita Panungtungan)

  Oktober 2011 Tanggal 8 Oktober kuring jangjian jeung manéhna ka acara walimatunnikah na Teh Ceuceu Ika Nur Sawitri Drwskincare. Kira-kira jam salapanan kuring geus nepi ka Jebrod, tuluy nungguan manéhna hareupeun Selamat Toserba nu leutik, harita mah can aya Selamat nu badag siga ayeuna. Selang 20 menit manéna norojol ti arah ka Bandung, ti kajauhan geus séséréngéhan, reg motorna eureun hareupeun kuring. " Badé kamana Néng? Hayu ngojég ka Aa." Manéhna ngaheureuyan kawas biasa. " Kondangan A, hayu atuh!" Kuring ngéngéh bari clak naék kana motorna. Teu loba nu diomongkeun salila di jalan, duanana Anteng jeung pikiran na masing-masing.  Kira-kira jam Sawelasan nepi ka tujuan, sanggeus ramah tamah jung difoto bareng pangantén tuluy manéhna nganteurkeun kuring mulang deui ka kidul. " Sayang mau kemana? Mau makan apa? Mau ngapain? Sok ku K dianterin. Today is special day for you." Ceuk manéhna. "Enggak ahh, mau pulang aja bisi kemaleman..eh tapi mau popot...

KEMBANG PAPASTEN (Bag 4)

  Hiji poe dina bulan Juni manéhna nelepon ceunah mah aya panggilan ti salah sahiji Bank milik pamarentah yén manéhna ditarima gawé di dinya jang panempatan di Cikalong Wétan. Ahirna manéhna mutuskeun pindah pagawéan ka Cikalong Wetan. Tisaprak jadi pagawé bank memang leuwih sibuk, paling boga waktu lamun istirahat.Tapi teu weléh méré kabar unggal aya waktu, manéhna typical jelema nu embung nganyenyeri jeung nguciwakeun batur. Salila deukeut jeung manéhna teu pernah sakali gé paréréa omong atawa nyentak, manéhna éléhan pisan sakapeung lamun rék ngambek ogé sok jadi éra sorangan. Nelepon peuting oge mimindengna manéhna masih kénéh di kantor, ngadéngékeun aktifitas manéhna digawé, kadang sok nepi kasaréan nyaho-nyaho telepon geus pareum. Tanggal 20 Juni manéhna datang ka imah kabeneran harita manéhna milangkala nu ka 24 taun, kuring teu ngareuah-reuah jeung méré kado nu istiméwa, ukur méré kaméja warna hideung. "Happy birthday Sayang, semoga panjang umur, sehat selalu, berkah usia, ...

KEMBANG PAPASTEN (Bag 3)

Mei 2011 Tisaprak peuting harita manéhna munggaran nelepon, tidinya teteleponan jadi rutinitas nu tara kaliwat unggal peuting. Biasa réngsé maghrib sok silih dengekeun ngaji nepi ka isya, isya nyelang heula solat jeung méréskeun pagawéan masing-masing. Sabenerna euweuh kedal ucap némbak ceuk budak jaman ayeuna mah, ngan kulantaran masing-masing ngarasa cocog tur nyambung dina sagala rupa boh dina obrolan boh dina karesep nu ahirna leuwih ngadeukeutkeun urang duaan.  Bulan Mei kira-kira tanggal 20 manéhna ngedalkeun kahayangna manggihan kuring di imah, sanggeus meunang idin ti nu jadi bapa kuring ngidinan ogé manéhna ka imah, harita poé saptu tengah poé kuring nungguan di téras masjid Alun-alun Kadupandak, manéhna munggaran pisan datang ka Kadupandak jauh-jauh ti Cidaun. Keur geunah-genah ngalamun reg aya motor eureun, kuring ngarengkog bari neuteup lalaki nu turun tina motor hareupeun kuring, belenyéh manéhna seuri. "Assalamualaikum.. Neng ya.." Pokna bari teu eureun imut. Se...

KEMBANG PAPASTEN (Bag 2)

  April 2011      Geus sabulan leuwih kuring jeung manehna intens komunikasi dina media sosial, tapi ari patukeur no hp mah acan. Hiji waktu dina bulan April manehna nyarita yen rek mulang ka Bandung, manehna urang Jawa ngan ti lahir nepika gede manehna di Bandung matak teu pati bisaeun ngomong basa sunda lemes mah sieun salah pajarkeun teh. " C..(sebutan manehna ka kuring) K (manehna nyebut diri na) minggu ini pulang dulu ke Bandung, kalau di Bandung K gak bisa intens chating kayak gini, kalau di sini kan emang di lab kom jadi pasti on terus." Ceuk manehna dina inbox. "Oh..ya udah gak apa-apa" Bales kuring. "I'll be missing u...😉" Ceuk manehna deui ditungtungan emot ngiceupan. Kuring imut bari jajantung mah ratug " Me too..☺" Ceuk kuring deui bari nyekelan pipi nu ngadak-ngadak jadi panas, mun harita aya nu ningali pasti pipi teh berenget nyeak beureum.      Jumaah sore rengse ngajar manehna balik ka Bandung Via Ciwidey, da ceunah ari poe s...

KEMBANG PAPASTEN (Bag 1)

  Maret 2011      Sabulan liwat tisaprak bolay ditanyaan ku Voldemort (ngaran nu haram disebutkeun) eungkeut-eungkeut sumanget datang deui. Cukup sabulan nguluwut nyeungceurikan jelema nu sabenerna teu penting diceungceurikan. Harita keur mangsa kajayaan na media sosial facebook, sakum jalma sigana boga akun na. Kuring nu asalna teu pati aktif oge harita mah pipilueun keur mah jang ngabeberah hate nu dihenteu-henteu ge angger gudawang. Harita loba pisan kuring nambahkeun babaturan, poko na anu ngaliwat usulan pertemanan dina beranda langsung ditambahkeun tanpa ningali foto jeung profilna. Hiji mangsa aya akun nu ngaran na "Zikry Filatano" Liwat dina beranda, ku kuring langsung ditambahkeun jadi babaturan. Teu lila torojol manehna ngainbox kieu "Thanks for add" Nya ku kuring dibales "ur welcome, thank 4 ur confirmation". Ti dinya teu nuluy ngan kuring panasaran sanggeus manehna ngainbox tuluy ku kuring dibuka profilna, bray kaluar foto profilna make topi la...

Nu Mulih Rurusuhan

   Teu karasa Apa téh nincak 5 taun tilar dunya, mun kudu dicaritakeun mah kanyerina can cupar nepika kiwari. Kabayang kénéh Apa anu héman, tara loba nyarita, jeung sabar nu teu aya duana. Apa anu leuwih soléh tisaprak Ibu dipundut tipayun ku Nu Maha Kawasa. Apa kacida mikadeudeuh Ibu, disarengan ti mimiti Apa can jadi jelema nepika tinggal mipit kembang kabagjaan nu ku Apa sareng Ibu dijaga jeung dirumat, dicéboran ku kadeudeuh dibérakkan ku kaasih.  Ibu jeung Apa éstu dalit jeung sauyunan, sapapait samamanis éstu duaan. Ibu tempat neundeun kainggis, karempan jeung kasalempang Apa salila ieu. Anyaran Ibu dipundut, kuring ningali katunggara dina diri Apa, sanajan teu ningalikeun pasémon kasedih tapi kuring bisa ngarasakeun gudawangna haté Apa. Apa anu biasa sagala disanggaan, biasa dibaturan ka kebon ka sawah éstu layeut paduduaan paribasa kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak teh nyaan katingali dina diri Ibu jeung Apa.  Harita Apa kacida leungiteunna, untung Apa...