KEMBANG PAPASTEN (Bag 5 : Carita Panungtungan)
Oktober 2011
Tanggal 8 Oktober kuring jangjian jeung manéhna ka acara walimatunnikah na Teh Ceuceu Ika Nur Sawitri Drwskincare. Kira-kira jam salapanan kuring geus nepi ka Jebrod, tuluy nungguan manéhna hareupeun Selamat Toserba nu leutik, harita mah can aya Selamat nu badag siga ayeuna. Selang 20 menit manéna norojol ti arah ka Bandung, ti kajauhan geus séséréngéhan, reg motorna eureun hareupeun kuring.
" Badé kamana Néng? Hayu ngojég ka Aa." Manéhna ngaheureuyan kawas biasa.
" Kondangan A, hayu atuh!" Kuring ngéngéh bari clak naék kana motorna. Teu loba nu diomongkeun salila di jalan, duanana Anteng jeung pikiran na masing-masing.
Kira-kira jam Sawelasan nepi ka tujuan, sanggeus ramah tamah jung difoto bareng pangantén tuluy manéhna nganteurkeun kuring mulang deui ka kidul. " Sayang mau kemana? Mau makan apa? Mau ngapain? Sok ku K dianterin. Today is special day for you." Ceuk manéhna.
"Enggak ahh, mau pulang aja bisi kemaleman..eh tapi mau popotoan ketang di kebun teh tea geuning.". Ceuk kuring
" Hayu.." Tembal manéhna
Nyaan diayonkeun kahayang téh, difoto di palebah Cikulit nu aya gardu listrik, mun ti Cianjur mah beulah kénca.
Poe minggu wanci réngsé lohor manéhna balik deui ka Bandung, asa beurat pisan ditinggalkeun téh, kuring euweuh firasat nanaon horéng harita tepung nu panungtungan. Siga biasa manéhna ninggalkeun surat, harita surat nu katujuh.
"Sayang..K pulang dulu, jaga kesehatan jangan terlalu kecapean." Kurang leuwih kitu eusi suratna.
Ti barang jung mangkat nepika peuting euweuh kabar, di chat, di sms teu ngabales. Aya-aya kabar jam dalapan peuting ceunah geus nepi bari rieut. Tidinya pleng deuilebeng euweuh kabar, isuk-isuk ngabaran deui teu asup gawé teu ngareunah, sugan téh teu ngareunah biasa nepika jam 10 peuting malem salasa aya inbox nu asup ti babaturan na.
"Chie no hp sabaraha?" Ceuk babaturan na tuluy ku kuring dibikeun no hp teu lila kirining hp disada, geuwat ku kuring diangkat "Assalamualaikum.." Ceuk kuring
"Waalaikumsalam..Chie apal teu si K meninggal Chie" Ceuk sora di tungtung telepon.
"Ya Allah astaghfirullah..nu bener..ya Allah.." Kuring ngajerit maratan langit ngocéak maratan jagat ampir rék luncat tina tangga ti loténg. Leng titingalian ngadak-ngadak poék
"Enya Chie..sok kamu tenangkeun heula!" Ceuk nu dina telepon.
Kuring masih gogoakan,bari ngayukyuk leuleus taya tangan pangawasa. "Istighfar..!" Ceuk bapa kuring, lanceuk kuring nangkeup ngiluan inghak-inghakan bari ngusapan tonggong kuring. Asa teu percaya poé minggu masih babarengan kiwari ninggalkeun. Nyaan asa dipacok heulang téh ku ngadadakna. Sapeupeuting kuring teu bisa saré, guling gasahan bari ramisak, inget ku bageurna, inget kanyaah na, inget eusi suratna nu pamungkas, "Pulang" Nyaan manehna mulih ka jati mulang ka asal. Mulang ninggalkeun alam dunya, ninggalkeun kuring nu keur meujeuhna pinuh ku kadeudeuh, mangkak lir ibarat kembang nu marakbak di buruan, haté nu gudawang karék kaubaran ku manéhna kiwari rangsak deui, teuing iraha cageur deui na.
Wanci subuh kuring, bapa jeung tétéh muru ka Bandung, nepi ka tujuan dipapag ku adi na. Jalan geus teu katingali kahalangan ku cipanon nu murubut teu kaampeuh, indungna ngarangkul kuring "Maafin Mas ya Neng kalau Mas punya salah sama Neng."
Kuring nginghak hareupeun layon manéhna nu geus meunang ngarurub. Teu wasa nyarita nanaon kuring tuluy ngaji bari cipanon mah angger murubut. Indung na tuluy nyaritakeun ti saprak mulang ti lembur manéhna ngangluh capé, awakna panas tuluy bada magrib dipariksa ka dokter, réngsé ti dokter tuluy solat isya, réngsé solat ngagolér diguyah-guyah maksudna rek ngageuingkeun horéng geus teu aya dikieu na geus nyanghareup ka nu Maha Kawasa ninggalkeun sagala perkara di alam dunya. Geus tepi kana mangsa na, ukur nepi ka dieu carita hirup na teu bisa ditawar teu bisa dipajukeun atawa dimundurkeun.
Saréngséna dikurebkeun kuring nangtung hareupeun pusara na, sing kolébat naon-naon nu geus dialaman jeung manéhna, lagu-lagu nu ku manéhna dibikeun kabéh ngeunaan pipisahan. Malah méméh mulang manéhna titah ngadengekeun lagu "Selepas Kau Pergi" Ti Laluna.
10 Oktober 2019 tepung 8 taun manéhna tilar dunya, teu aya codeka nu matak ngagerihan kana manah, iwal kasaean nu dikantunkeun, sumanget jeung sikep positif na teu weleh dikenang nepi ka kiwari. Salira kiwari bagja di sagigireun manten na, mugia sagala kasaean tur amal ibadah salami di dunya jadi obor nu caang ngempray lir ibarat bulan purnama nu kaopat welas.
Carita urang ukur nepi ka dieu, duriat nu nganteng harita dipungkas ku pati. Salira jadi kembang papastén nu mapaésan guratan carita kahirupan kuring. Ti harita samagaha rasa jadi batur satia, nepi ka hiji mangsa tepung jeung Ki Duda nu mentangkeun panah asmara, mega nu ngalimpudan rasa lalaunan nyingray, hujan cimata nu harita ganti ku katumbiri di bulan Juli.
Allah teu pernah pasini kana jangjina, Allah bakal ngaganti naon-naon nu ilang tina hirup urang, Allah bakal ngagantian ku nu leuwih hade atawa sarua hade na. Tong ringrang tong hariwang papada jalma boga guratan takdir masing-masing.
Tah kitu carita kahirupan kuring, gagal nikah teu kaétang, tapi sumanget jeung kayakinan ulah nepika pareum. Sakali deui Allah tara pasini kana jangjina, buat kamu para jombloers "Keep Hamasah n always emoscreamous" 😄😄..
Tong hariwang Allah geus nyiapkeun jodo keur masing-masing, lamun can panggih jeung jodona boa jodo na keur kasarung heheh..lamun teu ayeuna jodo ma mudah-mudahan di akherat 😁😁
-Tamat-
Comments
Post a Comment