KEMBANG PAPASTEN (Bag 1)

 

Maret 2011

     Sabulan liwat tisaprak bolay ditanyaan ku Voldemort (ngaran nu haram disebutkeun) eungkeut-eungkeut sumanget datang deui. Cukup sabulan nguluwut nyeungceurikan jelema nu sabenerna teu penting diceungceurikan. Harita keur mangsa kajayaan na media sosial facebook, sakum jalma sigana boga akun na. Kuring nu asalna teu pati aktif oge harita mah pipilueun keur mah jang ngabeberah hate nu dihenteu-henteu ge angger gudawang. Harita loba pisan kuring nambahkeun babaturan, poko na anu ngaliwat usulan pertemanan dina beranda langsung ditambahkeun tanpa ningali foto jeung profilna. Hiji mangsa aya akun nu ngaran na "Zikry Filatano" Liwat dina beranda, ku kuring langsung ditambahkeun jadi babaturan. Teu lila torojol manehna ngainbox kieu "Thanks for add" Nya ku kuring dibales "ur welcome, thank 4 ur confirmation". Ti dinya teu nuluy ngan kuring panasaran sanggeus manehna ngainbox tuluy ku kuring dibuka profilna, bray kaluar foto profilna make topi laken, make t-shirt hideung, tuluy scroll ka handap ningali pendidikana horeng manehna alumni salah sahiji universitas negeri di Bandung, sakolana saangkatan jeung kuring taun 2005. Kuring tuluy mukaan foto na bray aya foto manehna di hareupeun tugu logo IPB di Dramaga, nya kuring tuluy ngomen "Pernah ke IPB?"

"Waktu itu pernah futsal di sana" Ceuk manehna.

Kuring tuluy mukaan foto-foto na, ningali tina komentar-komentarna manehna tipe jelema nu resep banyol, darehdeh jeung kaasup lumayan pinter soalna ngobrolna nyambung jeung kuring.

     Tina ngepoan profilna kuring jadi nyaho yen manehna ngajar di SMK Pakidulan tapi manehna lain pituin urang dinya. Tidinya remen inbox-an kuring nyaritakeun yen kuring anyar pisan dipegatkeun tanpa alasan nu jelas, dibolaykeun barang rek nanyaan. Manehna mere support tapi teu loba nyaritakeun perkara manehna mah.



Comments