KEMBANG PAPASTEN (Bag 2)

 

April 2011


     Geus sabulan leuwih kuring jeung manehna intens komunikasi dina media sosial, tapi ari patukeur no hp mah acan. Hiji waktu dina bulan April manehna nyarita yen rek mulang ka Bandung, manehna urang Jawa ngan ti lahir nepika gede manehna di Bandung matak teu pati bisaeun ngomong basa sunda lemes mah sieun salah pajarkeun teh.

" C..(sebutan manehna ka kuring) K (manehna nyebut diri na) minggu ini pulang dulu ke Bandung, kalau di Bandung K gak bisa intens chating kayak gini, kalau di sini kan emang di lab kom jadi pasti on terus." Ceuk manehna dina inbox.

"Oh..ya udah gak apa-apa" Bales kuring.

"I'll be missing u...😉" Ceuk manehna deui ditungtungan emot ngiceupan.

Kuring imut bari jajantung mah ratug " Me too..☺"

Ceuk kuring deui bari nyekelan pipi nu ngadak-ngadak jadi panas, mun harita aya nu ningali pasti pipi teh berenget nyeak beureum.

     Jumaah sore rengse ngajar manehna balik ka Bandung Via Ciwidey, da ceunah ari poe saptu mah tara aya jadwal ngajar. Nyaan nepi ka poe saptu sore euweuh kabar, nya najan can pernah panggih tapi asa aya nu kurang. Pas jam 9 peuting jelentrong aya inbox asup. Geuwat hp dicokot horeng ti manehna.

"Heiii..I'm back 😀😀"

"Heii.." Lamun dikieuna mah satengah ngajerit bakat ku bungah.

"Kangen yaaaa.." Ceuk manehna deui.

"Hehe...iya.."

"K juga."

Harita kuring ajrag-ajragan, pipi panas bareureum.

"Eh C, K lagi futsal sama temen SMA, minta no hp nya deh nanti pulang futsal insyaAllah K telpon."

Teu mikir deui kuring langsung mikeun no hp "085659189442" 

"Ok thanks..udah dulu ya K mau siap-siap pulang dulu."

"Ok.." Bales kuring.

Harita kuring seserengehan kawas nu gelo bari neueulkeun hp kana dada, gudawang na hate urut dinyenyeri ku Si Voldemort ilang tanpa karana.

     Kira-kira jam 11 peuting kirining HP disada, ditingali nomer anyar.

"Assalamualaikum..hallo.." Kadenge sora lalaki, sora na hipu, rangu lamun dina gorengan mah.

"Waalaikumsalam..siapa ini?"

"Ini K..Chie."

"Hei....apa kabar?" Kuring teu eleh darehdeh.

"Alhamdulillah sehat, finally..bisa telpon juga..eh Chie K punya lagu deh buat Chie..bentar ya.." Ceuk manehna kadenge ngulutrak nyokot barang.

Teu lila sora gitar ngajelentreng ngintroan lagu "Remember My Sweet Moments" (Baheula jadi theme song iklan Tropicana Slim), ngong manehna nyanyi, sorana halimpu matak ngageledag nu ngadenge.


"Will you remember our sweet moments


and cherished them the way I do


How we spent our special moments together


How we used to share it all…


Will you remember me the way


I remember you.. Will you be the same


The last time I saw you, you are the sweetest


Every moment with you is the sweetest one….."


Sapanjang ngadengekeun kuring nungkupan baham bari cireumbayan.


Cag heula..

Comments