Nu Mulih Rurusuhan
Teu karasa Apa téh nincak 5 taun tilar dunya, mun kudu dicaritakeun mah kanyerina can cupar nepika kiwari. Kabayang kénéh Apa anu héman, tara loba nyarita, jeung sabar nu teu aya duana. Apa anu leuwih soléh tisaprak Ibu dipundut tipayun ku Nu Maha Kawasa. Apa kacida mikadeudeuh Ibu, disarengan ti mimiti Apa can jadi jelema nepika tinggal mipit kembang kabagjaan nu ku Apa sareng Ibu dijaga jeung dirumat, dicéboran ku kadeudeuh dibérakkan ku kaasih.
Ibu jeung Apa éstu dalit jeung sauyunan, sapapait samamanis éstu duaan. Ibu tempat neundeun kainggis, karempan jeung kasalempang Apa salila ieu.
Anyaran Ibu dipundut, kuring ningali katunggara dina diri Apa, sanajan teu ningalikeun pasémon kasedih tapi kuring bisa ngarasakeun gudawangna haté Apa. Apa anu biasa sagala disanggaan, biasa dibaturan ka kebon ka sawah éstu layeut paduduaan paribasa kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak teh nyaan katingali dina diri Ibu jeung Apa.
Harita Apa kacida leungiteunna, untung Apa mah soléh, teu kungsi langlang-lingling gering nangtung ngalanglayung, Apa meper kasedih ngubaran panglamunan na ku cara leuwih ngaraketkeun diri ka Nu Maha Kawasa.
Dina mumunggang peuting Apa ngedalkeun kasono jeung kapeurihna dina tungtung sajadah, sumujud pasrah bari ngagerentes, "cing angin pangtepikeun ka manéhna nu aya di sawargaloka kasono kuring, jangji kuring moal dék sulaya rék satia ka manéhna. Moal aya nu bisa ngagantikeunna. Tungguan kuring!"
Komo sabada diistrénan pangsiun Apa beuki getol ibadahna, solat sunat kabéh dilakonan, ngaji unggal usik. Euweuh waktu nu lonang kapiceun, Al-Quran aya di unggal tempat paragi Apa aktifitas sapopoé. Apa teu betah di imah, ka kebon jeung ka sawah jadi panglumpatan, tatanén nu maturan galécok diajak ngawangkong bari dibérakkan. Tatanén nu diurus ku Apa ngajurung laku, tumuwuh subur bari hasil mucekil.
***
Kawas biasa, harita poé Ahad mangsa tahrim kadéngé léngkah Apa tinggareblug nurunan tangga rék ka masigit. Kabeneran kamar kuring pagigir-gigir jeung kamar Apa, jadi apal unggal subuh Apa mangkat ka masigit téh. Mulang ti masigit kos biasa jam satengah tujuhan, saréngsena udar-udar ganti pakéan paranti ka sawah di tengah imah nu loténg Apa ngajak ngawangkong ka incuna (anak kuring, Si Cikal nu harita umurna karék sawelas wulan).
"Dede... ikut Pak Aki ke sawah?" Pokna bari nurunan tangga.
Teu nyangka, éta jadi wangkongan panungtungan jeung Apa. Kuring teu apal Apa ngaléosna jam sabaraha da pas kuring turun Apa geus mangkat.
Jam Lima soré Apa can jol kénéh, jam satengah genep geus reup-reupan can emol kénéh, tuluy kuring nyarita ka lanceuk nu lalaki, "Bang, coba telpon ka wétan Papah uih can?". Biasa sok nyimpang ka indungna da mihapekeun motor di dinya.
Horeng ceuk Amang kuring nu di wétan Apa can aya, da motor na mah aya kénéh. Jam genep dur-duran magrib can jol kénéh, lanceuk kuring nu lalaki buru-buru nyusul ka wétan, nyaan motor na mah ngajugrug kénéh di buruan, ngan Apa na can aya.
Geus puguh kitu mah, pada nyarusulan ka sawah, mapay-mapay tempat nu ku Apa unggal poé sok dicicingan. Ditéang ka saung suwung, ka girang lonang. Béja Apa leungit nerekab ka sakuliah lembur, nu néangan mantuan beuki loba. Senter patinggurilap nyaangan Cijengkol liliwatan Apa mun rék jeung balik ti sawah Pasir Ipis.
Jam satengah dalapanan lanceuk kuring nelepon, "Neng... Papah téh tos teu aya." Kuring ampir kapiuhan, teu wasa nyarita ukur nyegruk ceurik. Nyeri haté, nalangsa naha Apa siga nu miceun manéh kuat sakaratul maut di kebon bari euweuh nu nungkulan. Kunaon Apa? Da anak-anak Apa téh rido lillahitaala ngurus Apa. Apa siga nu embung nyusahkeun anak-anakna.
Layon Apa kapanggih di kebon Cijengkol, bari nyarandé. Gigireunna jukut paréang tapak Apa ngadurukan malahan tungtung buuk Apa aya nu kaléntab ku seuneu. Untung teu ngaduruk kana awak Apa, teuing lantaran reuwas seuneu ngagegela meureun, Apa pakepuk mareuman seuneu tuluy serangan jantung nepika Apa tuluyna.
Apa teu pasini kana jangjina, 14 taun ditinggalkeun Ibu teu aya nu bisa ngagantikeun Ibu. Apa tuhu kana jangjina bakal satia salilana. Sahirup samati, sadunya sasurga.
Duh Apa... kunaon mulih rurusuhan?!
Ieu incu nu katilu teu dibageakeun....
Kereeeeeeeennnnnnnn pisaaaannnn Desi...❤️����������
ReplyDeleteKereeeeeeeennnnnnnn pisaaaannnn Desi...❤️👍👍👍👍👍
ReplyDelete